MALAEKAT GUSTI & RATU SAWARGA - BAHASA SUNDA

Malaekat Gusti ngemban utusan ka Maria, 

lajeng Maria bobot ti Roh Suci. 

 (Sembah Baktos…) 


Simabdi teh abdina Gusti, 

satimbalan mugia tinekanan. 

(Sembah Baktos…) 


Pangandika Allah parantos janten manusa, 

sareng linggih di tengah-tengah abdi sadaya 

(Sembah Baktos…) 


Doakeun abdi sadaya, nun Ibu Gusti Allah, 

 supados abdi sadaya tiasa nampi jangji Kristus. 


Mangga ngadoa: 

Nun Gusti, jalaran wartos ti malaekat, abdi sadaya terang yen Putra Gusti, Yesus Kristus, parantos janten manusa. Abdi manuhun, lungsurkeun rahmat Gusti ka abdi sadaya, supados ku jalaran kasangsaraan sareng lugayNa tina maot, abdi sadaya oge tiasa nampi kasalametan sareng kamuliaannana. Ku jalaran Kristus, Gusti abdi sadaya. Hamin


RATU SAWARGA (MANGSA PASKAH)

Ratu Sawarga, manga mugia ngaraos bingah, alleluia

Jalaran Gusti anu dikandung ku anjeun, alleluia

Parantos lugay deui, saluyu sareng pidawuhNa, alleluia

Pangdoakeun abdi sadaya di payuneun Allah, alleluia

Mangga mugia ngaraos bingah, nun Parawan Maria, alleluia

Margi Gusti leres parantos lugay deui, alleluia

 

Mangga urang ngadoa:

Nun Gusti, ku jalaran tanghina Yesus Kristus, Gusti ngersakeun supados umat manusa suka bungah galumbira. Abdi manuhun, mugi-mugi ku jalaran pidoa Santa Maria, Ibu Gusti Yesus Kristus, abdi sadaya tiasa nampi kabagjaan langgeng di Sawarga.

Ku jalaran Yesus Kristus, Gusti abdi sadaya. Hamin

Komentar

Postingan populer dari blog ini

AGAMA KATOLIK KELAS 9

AGAMA KATOLIK KELAS 7

AGAMA KATOLIK KELAS 8