MALAEKAT GUSTI & RATU SAWARGA - BAHASA SUNDA
Malaekat Gusti ngemban utusan ka Maria, lajeng Maria bobot ti Roh Suci. (Sembah Baktos…) Simabdi teh abdina Gusti, satimbalan mugia tinekanan. (Sembah Baktos…) Pangandika Allah parantos janten manusa, sareng linggih di tengah-tengah abdi sadaya (Sembah Baktos…) Doakeun abdi sadaya, nun Ibu Gusti Allah, supados abdi sadaya tiasa nampi jangji Kristus. Mangga ngadoa: Nun Gusti, jalaran wartos ti malaekat, abdi sadaya terang yen Putra Gusti, Yesus Kristus, parantos janten manusa. Abdi manuhun, lungsurkeun rahmat Gusti ka abdi sadaya, supados ku jalaran kasangsaraan sareng lugayNa tina maot, abdi sadaya oge tiasa nampi kasalametan sareng kamuliaannana. Ku jalaran Kristus, Gusti abdi sadaya. Hamin RATU SAWARGA (MANGSA PASKAH) Ratu Sawarga, manga mugia ngaraos bingah, alleluia Jalaran Gusti anu dikandung ku anjeun, alleluia Parantos lugay deui, saluyu sareng pidawuhNa, alleluia Pangdoakeun abdi sadaya di ...